B. Daerah

Pertanyaan

sebutkeun harti kawih?

1 Jawaban

  • Kawih nyaeta salahsahiji rupa lalaguan Sunda nu sok disebut oge "lalaguan Sunda bebas". Kawih sok disebut lalaguan Sunda bebas sabab kawih mah henteu kaiket ku aturan. Salian ti kawih, aya rupa lalaguan Sunda lianna, nyaeta saperti kakawihan jeung tembang. Umpama ditilik tina rumpkana, kawih, kakawihan jeung tembang oge mangrupakeun karya sastra wangun puisi. Kawih jeung kakawihan mangrupakeun wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang nyaeta wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh.

    Pembahasan

    Aya dua aturan utama dina pupuh nyaeta nu sok disebut guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaeta jumlah engang nu aya dina unggal padalisan. Sedengkeun guru lagu nyaeta sora engang tungtung nu aya dina unggal padalisan.   Kusabab kawih jeung kakawihan teu kaiket ku aturan pupuh, bisa oge disebut yen kawih jeung kakakwihan teh teu kaiket ku guru wilangan jeung guru lagu.  

    Sanajan rumpaka kawih teh henteu kauger ku aturan, nyaeta saperti teu kaiket ku aturan guru wilangan jeung guru lagu, dina nyieun rumpaka kawih aya sawatara unsur anu kudu diperhatikeun sangkan kawih anu dijeun alus tur endah, nyaeta unsur imaji, simbol, irama, tema, gaya bahasa, wirahma jeung purwakanti.

    Umpama ditilik tina waktu atawa mangsana, aya tilu rupa kawih, nyaeta kawih jaman buhun, kawih jaman Jepang jeung kawih jaman kiwari. Anu ngabedakeun kawih jeung kakawihan nyaeta yen kakawihan mah biasana dihaleuangkeunnana dina waktu keur ulin atawa keur digawe, sedengkeun ari kawih mah bisa diahaleuangkeun irahana wae.  

    Pelajari lebih lanjut

    • Contoh kawih brainly.co.id/tugas/433806
    • Perbedaan kawih dengan pupuh brainly.co.id/tugas/330707
    • Kawih, kakawihan jeung tembang brainly.co.id/tugas/6730910

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII

    Mapel : Bahasa Sunda - Kawih

    Bab : 1

    Kode : 8.13.1

    Kata Kunci : Kawih nyaeta

Pertanyaan Lainnya